Carita pondok
Carita pondok atawa mindeng disingkat minangka
carpon nyaéta hiji wangun
prosa naratif fiktif. Carita pondok condong munel sarta langsung dina tujuanana dibandingkeun karya-karya fiksi anu leuwih panjang, kawas
novella (dina pengertian modern) sarta
novel. Alatan singgetna, carita-carita pondok hasil ngandelkeun téknik-téknik sastra kawas
inohong,
plot,
téma,
basa sarta
insight sacara leuwih lega dibandingkeun jeung fiksi anu leuwih panjang. Caritana bisa mangrupa sagala rupa jenis.
Carita pondok asalna tina
anekdot, hiji kaayaan anu digambarkan singget anu kalawan gancang anjog kana tujuanana, paralel jeung talari carita
lisan. Kalawan mecenghulna novel anu
realistis, carita pondok mekar minangka hiji miniatur, contona dina carita-carita karya
E.T.A. Hoffmann sarta
Anton Chekhov.
Sajarah
Asal-usul
Carita pondok asal-muasalna mah tina talari carita lisan anu ngahasilkeun carita-carita kawentar kayaning
Iliad sarta
Odyssey karya
Homer.
Carita-carita eta ditepikeun dina wangun puisi anu mibanda wirahma,
kalayan wirahma anu mibanda fungsi minangka pakakas pikeun nulungan
jalma pikeun nginget caritana. Bagian-bagian singget tina ieu carita
teh, dipuseurkeun kana naratif-naratif individu anu bisa ditepikeun dina
hiji kasempetan pondok. Sakabéh caritana kakara katémbong saupama
sakabéh bagean caritana geus ditepikeun.
Fabel, anu umumna mangrupa
carita rahayat kalawan talatah-talatah moral di jerona, cenah dianggap ku sajarahwan Yunani
Herodotus minangka hasil timuan saurang budak Yunani anu ngaranna
Aesop dina
abad ka-6 SM
(sanajan aya carita-carita séjén anu asalna ti bangsa-bangsa séjén anu
dianggap asalna ti Aesop). Fabel-fabel kuna ieu kiwari dipikawanoh
minangka
Fabel Aesop. Tapi aya ogé anu mikeun definisi séjén patali jeung istilah fabel. Fabel, dina hasanah Sastra
Indonésia remen ogé, diartikeun minangka carita ngeunaan sato. Carita fabel anu populer contona Carita Si Peucang, jeung sajabana.
Saterusna, jenis carita mekar ngawengku sage, mite, sarta legenda.
Sage mangrupa carita kapahlawanan. Contona Joko Dolog. Mite leuwih
menyaran dina carita anu patali jeung kapercayaan balaréa satempat
ngeunaan hiji hal. Contona Nyi Roro Kidul. Sedengkeun legenda ngandung
harti minangka hiji carita ngeunaan asal usul lumangsungna hiji tempat.
Contona Banyuwangi.
Wangun kuna séjénna tina carita pondok, nyaéta anekdot, populer dina mangsa
Kakaisaran Romawi. Anekdot boga fungsi kawas
paumpamaan,
hiji carita realistis anu singget, anu ngawengku hiji talatah atawa
tujuan. Réa tina anekdot Romawi anu aya keneh kiwari dikumpulkeun dina
Gesta Romanorum dina
abad ke-13 atawa
14. Anekdot tetep populer di Éropa nepi ka
abad ke-18, sedengkeun surat-surat anekdot eusina fiksi karya Sir Roger de Coverley dipedar.
Di Éropa, talari nyaritakeun lisan mimiti ngembang jadi carita-carita
nu ditulis dina munggaran abad ka-14, utamana pisan mah kalawan medalna
karya
Geoffrey Chaucer Canterbury Tales sarta karya
Giovanni Boccaccio Decameron.
Kadua buku ieu disusun tina carita-carita pondok anu misah (ti anekdot
lucu tepi ka fiksi sastra anu dikarang kalawan hade), anu ditempatkeun
di jero carita naratif anu leuwih badag (hiji
carita carangka), sanajan pakakas carita carangka henteu diadopsi ku kabéh nu nulis. Dina ahir
abad ka-16, sawaréh tina carita-carita pondok anu pangpopulerna di Éropa nyaéta "novella" poek anu tragis karya
Matteo Bandello (hususna dina tarjamahan Perancisna). Dina mangsa Renaisan, istilah novella dipaké pikeun ngarujuk dina carita-carita pondok.
Dina panengah
abad ka-17 di
Perancis lumangsung kamekaran novel pondok anu diperhalus, "nouvelle", ku pengarang-pengarang kawas
Madame de Lafayette. Dina 1690-an,
dongeng-dongeng tradisional mimiti dipedar (salah sahiji ti kumpulan anu pangkawentarna nyaéta karya
Charles Perrault). Mecenghulna tarjamahan modern kahiji
Sarébu Hiji Peuting karya
Antoine Galland (ti 1704; tarjamahan séjénna mecenghul dina 1710–12) ngabalukarkeun pangaruh anu hébat kana carita-carita pondok
Éropa karya
Voltaire,
Diderot sarta lian-liana dina
abad ka-18.
Carita-carita pondok moderen
Carita-carita pondok modern mecenghul minangka
genrena sorangan dina mimiti
abad ks-19. Conto-conto munggaran tina kumpulan carita pondok kaasup
Dongeng-dongeng Grimm Duduluran (1824–1826),
Evenings on a Farm Near Dikanka (1831-1832) karya
Nikolai Gogol,
Tales of the Grotesque and Arabesque (1836), karya
Edgar Allan Poe sarta
Twice Told Tales (1842) karya
Nathaniel Hawthorne.
Dina ahir abad ka-19, kamekaran majalah sarta jurnal ngababarkeun
paménta pasar anu kuat kana fiksi pondok anu panjangna antara 3.000 nepi
ka 15.000 kecap. Di antara carita-carita pondok kawentar anu mecenghul
dina période ieu téh "Kamar No. 6" karya
Anton Chekhov.
Dina panengah kahiji
abad ka-20, sajumlah majalah kasohor, kawas
The Atlantic Monthly,
Scribner's, sarta
The Saturday Evening Post,
kabéhanana medar carita pondok dina saban terbitanana. Paménta kana
carita-carita pondok anu mutuan kacida gedena, sarta bayaran pikeun
carita-carita éta kacida luhurna, ku kituna
F. Scott Fitzgerald deudeuieun nulis carita pondok pikeun ngalunasan sagala rupa hutangna.
Paménta kana carita-carita pondok ku majalah ngahontal penclutna dina panengah abad ka-20, nalika dina majalah 1952
Life medar carita pondok panjang Ernest Hemingway anu panjang (atawa novella)
Lalaki Kolot sarta Laut. Terbitan anu ngamuat carita ieu payu 5.300.000 eksemplar ngan dina dua poé.
Saprak éta, jumlah majalah komérsial anu medar carita-carita pondok geus ngurangan, sanajan sawatara majalah kawentar kawas
The New Yorker terus ngamuatna.
Majalah sastra
ogé mere tempat keur carita-carita pondok. Sajaba ti éta, carita-carita
pondok kadieunakeun geus manggihan ambekan anyar ngaliwatan penerbitan
online. Carita pondok bisa kapanggih dina majalah online, dina
kumpulan-kumpulan anu diorganisir nurutkeun pengarangnya atawa témana,
sarta dina
blog.
Unsur sarta ciri has
Carita pondok condong kurang kompleks dibandingkeun jeung novel.
Carita pondok biasana museurkeun perhatian dina hiji kajadian, miboga
hiji plot, setting anu tunggal, jumlah inohong anu kawates, tur
ngawengku jangka waktu anu singget.
Dina wangun-wangun fiksi anu leuwih panjang, caritana condong ngamuat unsur-unsur inti nu tangtu tina
struktur dramatis:
eksposisi (panganteur setting, kaayaan sarta inohong utamana),
komplikasi (kajadian di jero carita anu ngawanohkeun konflik sarta
inohong utama); komplikasi (kajadian di jero carita anu ngawanohkeun
konflik); aksi anu ningkat, krisis (waktu anu nangtukeun pikeun si
inohong utama sarta komitmen maranéhanana kana hiji léngkah); klimaks
(titik minat pangluhurna dina harti konflik sarta titik carita anu
ngandung aksi pangréana atawa pangpentingna); pungkasan (bagian carita
di mana konflik direngsekeun); sarta moralna.
Alatan pondok, carita-carita pondok bisa ngamuat pola ieu atawa bisa
oge henteu. Contona, carita-carita pondok modern ngan sakali-kali
ngandung eksposisi. Anu leuwih umum nyaéta mimiti anu dumadakan, jeung
carita anu dimimitian di tengah aksi. Kawas dina carita-carita anu
leuwih panjang, plot ti carita pondok ogé ngandung klimaks, atawa titik
balik. Tapi sok sanajan kitu, ahir tina karéréaan carita pondok biasana
dumadakan sarta kabuka sarta bisa ngandung (atawa bisa ogé henteu)
talatah moral atawa palajaran praktis.
Kawas réa wangun
seni naon wae oge, ciri has tina hiji carita pondok beda-beda nurutkeun
pangarangna.
Ukuran
Netepkeun naon anu misahkeun carita pondok ti format fiksi séjénna
anu leuwih panjang nyaéta hiji hal anu problematis. Hiji definisi klasik
tina carita pondok nyaeta yén manéhna kudu bisa dibaca dina waktu
sakali diuk (hal ieu utamana pisan diajukeun dina esai Edgar Allan Poe "
The Philosophy of Composition"
dina 1846). Definisi-definisi séjénna nyebutkeun wates panjang fiksi
tina jumlah kecap-kecapna, nyaéta 7.500 kecap. Dina pamakéan
kontemporer, istilah carita pondok umumna ngarujuk kana karya fiksi anu
panjangna henteu leuwih ti 20.000 kecap sarta henteu kurang ti 1.000
kecap.
Carita anu pondokna kurang ti 1.000 kecap kagolong kana genre
fiksi kilat (
flash fiction). Fiksi anu ngaleuwihan wates maksimum parameter carita pondok digolongkeun kana
novelette, novella, atawa novel.